Friday, August 2, 2013

Tapak Cinta

Aya tapak cinta na gurat na rasa
Tapak cinta manehna cinta nu munggaran
Najan teu ngajadi teu bisa ngahiji
Tapakna teu ilang

Dugi ka ayeuna masih keneh aya
Tapak cinta manehna ngageuleung na rasa
Hese rek narima cinta lain datang
Tapakna ngahadang

Imutna, teuteupna, sorana
Seurina, baeudna teu weleh deungdeuleueun

Na implengan ngageuleung moal kapupus mangsa
Tapak-tapak cinta

*Dihaleuangkeun ku Almh. Detty Kurnia

No comments:

Post a Comment