Friday, August 2, 2013

Peugat Duriat

bumi nu anjeunna langit nu anjeunna 
sapangeusi alam dunya eta kersaning anjeunna
turut sagala makhlukna kalebet urang sadaya
taya nu jadi kajaba eta kagungan anjeunna

jodo nu anjeunna pati nu anjeunna
susah senang lara bagja gumantung kana kodratna
kitu deui jodo urang kapan kahayang mah manjang
buktina gening papeugat najan kabeungkeut duriat

ya allah mugia abdi sing kiat 
dina nampi ieu kodrat panginten ieu tos berat 
duriat kedah papegat
abdi pasrah hamo nolak

ya allah abdi panceg kayakinan 
salira nu maha rohman
tangtos aya kasaean sageudeungeun kapeurihan
ya allah salira nu murben alam

No comments:

Post a Comment